Lirik Sholawat KH. Salimul Apip - Ya Nabi Salamu 'Alaika
Ya nabi salamu 'alaika
Ya rosul salamu 'alaika
Ya habib salamu 'alaika
Sholawaatullohi 'alaika
Purnama parantos medal
Nyangka silep kabeh bentang
Ngempur sareng moncorongna
Teaya nu mapadaan
Seur anu sholawatan
Aya onta balilihan
Ceurik bari dedepean
Menta tulung ka panutan
Punten pang dugikieun salam
Kanu bangeut dipicangcam
Di madinah tanah harom
Siang wengi teu ka tahan
Taya jalmi nu kalangkung
Mikacinta kagamparan
Ngalang layung hoyong tepang
Kangen sareng sono pisan
Kapunten kaluluputan
Gusti lautan hampuran
Tukang mupus sakur dosa
0 komentar:
Posting Komentar